Euis ke antosan heula...

Euis.. ieu dangukeun heula
pihatur naon anu diseja
hayuk urang kakawihan
kawih pangdugi ning ati
1)Euis Ke antosan heula
Aeh aeh eta saha?

Abdi sobat nu baheula
euleuh euleuh saur saur saha?
euis teuing ku lucuna
idih idih paribasa
estu ku matak kayungyun
ah pameget eta mah biasa
aduh euis aduh aduh
ibu, apa, Ieu geura
euis
sok aya jajaka nu nganken tresna ku ngararewa
aduh euis aduh aduh
estu ku seueur gogoda
euis
nu jangkung jalmina, kandel kumisna seusah hilapna
uih deui ka 1)

sababaraha dinten kapengker ieu lagu nu satia mepende kulem abdi di lebkom. mimiti mendak ieu lagu waktos maluruh lagu sunda di mp3search di network kampus kuring. asa nimu harta karun mendak ieu lagu teh, da puguhan atos tikapungkur abdi milariannana beu, pendak nu kieu asa ngabobok manggih gorowong ceuk paribasa sunda mah. asa ditonjok congcot, estuning matak pikagumbiraeun.

salian lagu euis, abdi mendakan deui lagu nu sanesna nu sararae, misalna lagu anu judulna "leungiteun" anu kinten-kinten lirikna siga kieu :
"kamana panutan abdi nu sok tiasa sumping
kamana panutan rasa nu sok leket ngariksa
tara-tara tisasari abdi ngaraos sepi
teu aya keur pakumaha, keur batur suka-suka

ieu abdi leungiteun mondok ge tara tibra
ieu abdi leungiteun neda tara mirasa

kamana panutan abdi nu sok tiasa sumping
kamana panutan rasa nu sok leket ngariksa.. jst"

ngadangukeun ieu lagu asa kumaha kitu, teu tiasa digambarkeun kumaha bungahna rasa ati... estuning matak pikabetaheun dipayun komputer.
eh, baraya bilih aya nu gaduh mp3 lagu sunda lawas anu judulna pileuleuyan sareng panon hideung, punten lah di share akang teteh... nyuhungkeunnya? email wae ka budhi.hamdani[at]gmail.com

Komentar

andinur mengatakan…
waduh...artinya apa bung....
Salam kenal...
Anonim mengatakan…
Dengan sangat, tolong dong kita dikirimi lagu Euis didalam bentuk MP3...

Boleh dikirim ke tun_utama@yahoo.com

Terima kasih sejuta!
Anonim mengatakan…
pilari w atuh di Multiply.com ;))
salam pangwanoh t simkuring kang.
kliksiska mengatakan…
Saya pengen DL lagu Euis Ke Antosan Heula, ada di link mana ya kang?

Terimakasih sebelumnya
-peter-
Andi medan mengatakan…
Alhamdulillah kenging lagu euis.
Upami lagu : Neng Geulis
Sapunyere pegat simpay sareng
Panon hideung.
aya ?

Nuhun Pisan
Abah Andi

Postingan populer dari blog ini

banyak jalan menuju Blog.. bwahahaha!!!

mengekspos ketidaktahuan